Selasa 22 2025

HIRUP LIR IBARAT SAKOLA

Hirup téh ibarat sakola anu luhur, nu mana unggal poé urang diajar, ngalaman, jeung meunangkeun palajaran anyar. Teu aya kurikulum anu tetep, teu aya buku panduan anu lengkep, jeung teu aya ujian ahir anu bisa nangtukeun sagalana. Tapi, unggal léngkah urang, unggal kaputusan urang, mangrupakeun bagian tina prosés diajar anu teu aya tungtungna.
Ti mimiti urang gumelar ka alam dunya, geus mimiti urang diajar. Diajar leumpang, diajar nyarita, diajar mikanyaah, jeung diajar mikawanoh dunya sabudeureun urang. Unggal murag, unggal salah nyarita, unggal kanyeri, éta téh mangrupakeun guru anu panghadéna. Nunjukkeun yén hirup téh sanés ngan saukur ngeunaan kabagjaan jeung kasenangan, tapi ogé ngeunaan tantangan jeung kumaha urang bisa nungkulanana.
Dina lalampahan hirup ieu, urang bakal panggih jeung rupa-rupa jalma. Aya anu datang mawa kabagjaan, aya anu mawa cocoba, aya anu jadi babaturan satia, aya ogé anu jadi eunteung pikeun urang. Ti maranéhna, urang diajar ngeunaan kaikhlasan, kasabaran, kareueus, jeung rupa-rupa karakter manusa. Hubungan jeung sasama téh jiga benang-benang anu ngarangkai  hirup urang, ngajadikeun leuwih warni jeung leuwih pinuh ku makna.
Terkadang, hirup karasa beurat. Tumpukan masalah, impian anu tacan kalaksana, atawa ekspektasi anu teu kahontal, bisa ngajadikeun urang asa leutik jeung putus asa. Tapi justru dina kaayaan kitu, urang diajar kumaha carana nguatkeun diri, kumaha carana mikareueus kana naon anu geus dipiboga, jeung kumaha carana ngangkat deui sirah sanggeus murag. Sabab, hirup mah teu salawasna lempeng jeung mulus, tapi oge aya tanjakan jeung mudun anu kudu diléngkahan.
Ku kituna, hayu urang nikmati unggal léngkah hirup. Sanaos pinuh ku misteri sareng patarosan, hirup téh mangrupakeun kado anu paling indah. Diajar tina pangalaman, silih asah ,silih asuh, siiih asih jeung sasama, jeung deui ulah eureun-eureun ngimpi, kusabab dina ngimpi bakal laksana eta impian, najan sakola hirup ieu teu aya tungtungna, tapi unggal palajaran anu urang candak bakal ngajadikeun urang leuwih pinuh ku hikmah jeung leuwih siap pikeun poé isukan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

APAKAH MENCINTAI ISTRI ORANG ITU DOSA

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh pada kesempatan nyatet kali ini penulis akan nyatet dan membahas dan mengambil tema M...