Kamis 02 2024

KHASIAT BAWANG BODAS

 



Wilujeng wayah kieu kasadayana dimana wae ayana, sampurasun dina kesempatan nyatet dageut ieu disela waktos istirahat pribados bade masihan TIPS catetan ieu ka inspirasi tina bawang bodas anu biasa sok dianggo masak salaku bumbu dapur Atos teu asing deui kanggo urang sadayana anu namina bawang bodas salaku bumbu dapur namung ulah leupat salain dianggo bumbu dapur, bawang bodas oge atos lami digunakeun kanggo pengobatan tardisional kumargi ngagduhan anu khasiat anu sae pisan kanggo kasehatan, sareng bawang bodas oge secara mitos tiasa dianggo kanggo penangkal gangguan mahluk mahluk goib anu bade deleka khususna kanggo murangkalih orok supados teu di ganggu ku mahluk goib, sajabaning eta bawang bodas oge dipercaya kanggo penanggkal santet sareng sajabina, tapi uih deui ka kepercayaan urang masing masing,  namung khasiat bawang bodas kanggo kasehatan emang leres tiasa dibuktoskeun dianggo kanggo obat,kumargi dina bawang bodas mengandung fosfor, seng kalium, megnesium, vitamin C, K Folat, Niasin sereng Tiamin.

Khasiat Bawang Bodas antawis na :

  1. Nganingkatkeun Sistem Kekebalan Tubuh, Bawang Bodas menganduang senyawa antioksida sareng antibanteri anu tiasa ngabantos nguatkeun sistem kekebalan tubuh
  2. Nurunkeun Tekanan Darah, ngakonsumsi bawang bodas sacara teratur atos terbukti tiasa ngabantu nurunkeun tekanan darang tinggi
  3. Nurunkeun kadar kolestrol, senyawa dina jero bawang bodas tiasa ngabantu nguranggan kadar kolestrol jahat dina jero darah
  4. Ngabantos ngatasi masalah pernapasan, bawang bodas ngagaduhan sifat antimikroba anu tiasa ngabantu ngaredakeun gejala Pilek, Batuk sareng infeksi saluran pernapasan
  5. Ngacegah panyawat jantung, bawang bodas tiasa ngabantos ngajaga kasehatan jantung ngirangan resiko pembekuan darah sareng nganingkatkeun fungsi pembuluh darah
  6. Ngabantos kontrol gula darah, bawang bodas di uningga tiasa ngabantu ngotrol kadar gula darah manfaat kanggo anu gaduh payawat diabetes
  7. Ngagaduhan sifat antiinflamasi, bawang bodas tiasa ngabntu ngirangan peradangan di leuebet tubuh sareng ngiranggan resiko payawat peradangan
  8. Efek Antimikroba sareng Antivirus, diuninggakeun ti pharmeasy, bawang bodas ngagaduhan sifat antimikroba sareng antivirus anu tiasa ngabantu ngalawan ifeksi bakteri, virus sareng jamur, senyawa allicin dileubet ngabantu ngalindungi awak tina infeksi
  9. Nganingkatkeun Kasehatan Pencernaan, ngakonsumsi bawang bodas anu rutin oge tiasa manfaat kanggo kasehatan pencernaan, bawang bodas tiasa ngabantu nganingkatkeun kaseimbangan bakteri sae dileubeut saluran pencernaan sareng nguranggan resiko gangguan pencernaan sapertos nyeri kembung sareng kabebeng ( sembelit )
  10. Pontesi Antikanker, ngakonsumsi ngandung senyawa anu tiasa ngagaduhan efek antikanker utamana mah dileubet hal ngalindungi ka resiko kanker lambung, usus besar sereng prostat
  11. Nganingkatkeun Fungsi Otak, Bawang Bodas tiasa nganingkatkeun kasehatan otak kumargi sifat antioksida sareng anti inflamasina, ieu efektif ngalawan payawat neurodegeneratif sapertos Alzheimer sareng demensia
Sanajan ngagaduhan seur manfaat, saena konsultasikeun hela sareng dokter sateuacan ngakonsumsi bawang bodas utamana kanggo aranjeunna anu gaduh kondisi medis tertentu atanapi anu nuju pengobatan khusus.

Sakitu panginten nyatet dina dageut ayeuna, mudah mudahan catetan ieu janteun inspirasi kanggo aksadayana utamana kanggo anu hoyong sehat...

SALAM SEHAT 💪

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UCAPAN IDUL FITRI DALAM BAHASA SUNDA

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh Wilujeng Wayah kieu kasadayana Pembaca Wilujeng Boboran Siam  1 Syawal 1446 H Tina kesempata...